Blog Siswa
Pantun Sunda
PANTUN SUNDA
RAJAH DEMUNG KALANGAN
Bul kukus ngaraning kukus
Tanpa leungit ngaraning parupuyan
Ratna gumilang ngaraning menyan
Kukus kuring menyan putih
Kang ngelun di manggung
Ka sang rumuhun
Ka guru putra hyang bayu
Guriang tan katinggalan
Nu lungguh di lingga wulung
Nu herang di lingga omas
Nu calik dina lemah putih
Putih uing jeung tarima
Uing ngijeum ka sadang kasaktian
Keur naon eta di wajeum
Da herang ti jero raga
Nu putih tunggaling uing
Nya uing nu tunggal putih
Bul kukus uing
Ka handap ka sang nugrahan
Ka basuka ka basuki
Ka batara ka batari
Ka batra naga raja
Ka batari naga danti
Pangmeuntaskeun uing ka sang minorarama
Ka teluk ka nu ngasuh
Mangka datang ka nu wenang
Ngenta widi ka nu sakti
Mun salah uing benerkeun
Mun bener, benerkeun uing
Asuhan si windu rarang
Tata pangkat disalinna iring-iring
Bukit jati gunung rompang
Tanah lentang
Susukan tanjakan banjaran kembang
Nujang ka bukit burangrang
Nyanghulu ka gunung guruh
Menta pangkat disalindangkeun sang rawangi
Rawangi huriping peuting
Tilu pangkat ngajarangkung
Ngapung luhur tanpa buana
Aci bumi aci buana
Citumang balampak
Sanjia semah ngendan maya
Rek ka manggung net nempo panggih kedjo anaking
Manik ti luhur teu kenging kaluluhuran
Teu kenging ka lelengkahan
Awaking nu seda sakti
Awaking nu seda leuwih
Dungkuk uing dungkuk sang juga
Sang juga sang ratjil seda
Nya siangna nya nun maya
Rek ka manggung
Hurung batan kanjut ruyung
Mangereng batan sang ragi
Sakotji batan kembang patjing
Ti pakuan rek ngagarti Siliwangi
Nya Pakuan Siliwangi
Ti lembang jaya
Kotjap
Cihaliwung nunjang ngidul
Cisandane nunjang ngaler
Nunjang ka bukit Burangrang
Ngahulu ka gunung Guruh
Cipeucang ka tebeh wetan
Di tengah Cirancamaya
Pamuruyan gajah putih
Kiruh ti hilir ti girang
Ti tengah canembang herang
Gunung manik mandala tiga ka pasten
Eusina dewata dua belas
Sarina sagala
Keur meujeuhna ngukus muja
Nya kudu make parawanten
Make dicokotan deui
Di tibakeun ka reka teh ka dunya
Dalem tanpa ngareka teh dunia
Sora ratu nu lelembut
Lembut batan merang buuk
Badag batan merang kaca
Nu lembut geus sora ratu
Sup asup kana parungpung bilik
Di damaran tengah poe
Diparande teu kadeuleu
Sang pobaera buana
Ti manggung sep paselep jeug nu aya di manggung
Neuteuk beuheung rawana
Ngaheulakeun
Megatkeun
Ngapus sumeneng
Megat jalan kumarintang
Bisina mada madawi
Da uing mah mada madawi teh
Tes manetes lesmaya lenggang kacana
Uing nu nantung ti nguwung-nguwung
Sidengdang ti ngawang-ngawang
Dianggaran sumangga wenang
Nya uing si angggawenang
Ratu pagjalang seda
Nya uing sasaji buana panca tengah
Basa nyukruk Cihaliwung
Basa mengkong Cisandane
Nga babakan di Jambu Dipa
Nga duduluh di Jambu luwut
Sang Batara susuk tunggal
Neda agung nya paralun
Neda panjang pangampura
Ka sang ratu teja gelangan
Tata pangkat di salin deui
Ahung buta kasundulan
Ahung buta kasunian
Hol bumi hol langit
Hol manusa hol setan
Manusa lawas setan lawas
Pada sirna tamat
Mangka min biribis
U;ah sindang barang geusan
Tata pangkat di salin deui
Ahung gurit liman putih lalakina
Ahung sang seda malela
Ahung sang seda tunggal
Sang tunggal rajah pamunah
Sang punah sang darmajati
Tanah lemah tepu bumi
Tepu kana dat nu mustakdin
Na ilang tana karana
Mulya ka rakarana
Ilang bajane
Tata pangkat di salira deui
Ahung Guru kukuk Hyang Bayu
Sang pamunahing rajah Hyang Museda
Pangmunahkeun uing ieu
Hyang wisesa ti wisesa
Uing dat wisesa buana
Ka punah ku para wisesa
Ratu wisesa
Uing wisesa di buana panca tengah
Langit munah bumi munah
Ka punah ka para wisesa
Ka wisesa ku awaking
Sumur munah ratu
Ngabalungbung ratu tanpa puhun
Tata pangkat di salin deui
Hurip nu ngarajah
Mangka hurip nu dirajah
Hurip nu ngalalakonkeun
Hurip nu ngalalakonkeun
Hurip nu dilalakonkeun
Hurip jadi buana
Hurip jadi kurungan
Asup sukmabalik ka kurunganana
Hurip jadi buana
Hurip jadi kurungan
Pantun ngadangulus
Rajana waras
Marteda kanu kawasa
Sadaya pun sapun
Ka luhur ka sang rumuhun
Ka guru putra Hyang Bayu
Ka Batara ka Batari
Ka Batara Naga Raja
Ka Batari naga sugih
Punika raja pamunah
Paranti munah sagala
Munah tanah katut imah
Munah lan katut babi
Munah cai katut leuwi
Munah raga katut banda
Kulapun nya paralun
Neda panjang pangampura
Tata pangkat di salin deui
Kun paya kun
Baku awak pada nu usik nyaring kanu asih
neut hudang taneuh rarang
da halal pangaitkeun uing kana kacapi
mangkana tanghi ti peuting
mangkana hudang ti beurang
mangkana cukup pamilih
mangka hudang kanu ka tarima
mangka datang kanu nguping
ear batan ku leungitan poleng
kaleungita tamba balik
sora tali jeung kacapi nya awaking
agung kula nya paralun
neda panjang pangampura
hampura sapapanjangna.
Pantun Lutung Kasarung
(I)
Bul kukus kula menyan putih,
nu ngukus Lutung Kasarung,
ngukusan Lutung Kasarung,
ngukusan Nyi Danghyang,
lagobang tanya akang agus,
geura hudang bisi kaberangan taram bilik,
bisi lukeungu wiluku arit antik dina tanjamna,
bulan satanggal pajekna panyeuceup ati,
cacadan si Maskumambang pasangan bebengkul Nabi,
Muhammad sawedna kepang,
gumelang tamparna keunteungan di ati,
kendali siruyung rayang,
papakean sibujang dibawa karindeut-rindeut,
capit gunting tajamparing,
sarimpit ti ranjang leutik,
titinggalning ronowangantua,
eusina minyak boboreh,
lagobang lojor dihulueun,
lagobang pendek ditunjangeun,
ditulung teu majar aduh, dikali teu majar nyeri,
indung Siti Badariyah,
boga Allah Rasulullah,
Hiji salam dua salam tilu salam salamet.
(II)
Bul kukus kula menyan putih,
nu ngukus Lutung Kasarung,
ngukusan Nyi Danghyang Kusnawati,
seureuh putih parbuhiyang,
Nyi rendeh kasih geura hudang ti gedong talaga manik,
geusan sia midang, midangkeun papan jati,
midangkeun rambut sadana,
nyatu sari mangan rasa,
tilu pulukan mangan pangawasa,
1 salam 2 salam 3 salam salamet.
(III)
Bul kukus kula menyan putih,
nu ngukus Lutung Kasarung,
ngukusan Nyi Danghyang Kusnawati,
ari mang kutimang, timang oke timang akung,
ditimang-timang ku indung, salin poe langarua,
salin bulan langarua, mangka hejokawas dang,
marerekah alabatan tangkal seureuh,
ngaranggunuk alabatan gunung bungur,
mararakah alabatan pangsor,
sor bongsor-sor bongsor,
beuting manik akar kawat,
barungbung sinaga wulung,
Muhammad nu jonggang pangayumankeun,
ayun pontang ayun ambing, diayun-ayun kuangin,
diparande kumata poe,
dipandian ku cai ibun,
handap jangkung ditenjo sarua bae,
mangka sesek mangka pasak,
pare kula sihurip kami hirup,
hiji salam dua salam tilu salam salamet.
BLOG ADITIA JORDI PUTRA LAINNYA
Pantun Sunda
PANTUN SUNDA RAJAH DEMUNG KALANGAN Bul kukus ngaraning kukus Tanpa leungit ngaraning parupuyan Ratna gumilang ngaraning menyan Kukus kuring menyan putih Kang ngelun di manggung Ka sang rumuhun Ka guru putra hyang bayu Guriang tan kating...
Read MoreADITIA JORDI PUTRA 00:00:00 10-12-2012
ARSIP
- November 2021(15)
- Oktober 2021(15)
- November 2020(7)
- Oktober 2020(10)
- September 2020(9)
- Agustus 2020(3)
- Juli 2020(1)
- Juni 2020(2)
- Mei 2020(4)
- April 2020(12)
- Maret 2020(83)
- April 2017(1)
- Januari 2017(1)
- Oktober 2016(1)
- Desember 2015(5)
- November 2015(1)
- Oktober 2015(1)
- September 2015(2)
- Agustus 2015(1)
- Juli 2015(1)
- Mei 2015(1)
- April 2015(1)
- Maret 2015(1)
- Desember 2014(2)
- November 2014(1)
- Oktober 2014(11)
- September 2014(6)
- Agustus 2014(1)
- Juni 2014(2)
- April 2014(2)
- Maret 2014(1)
- Desember 2013(1)
- Oktober 2013(3)
- September 2013(1)
- Juni 2013(1)
- Maret 2013(26)
- Februari 2013(38)
- Januari 2013(8)
- Desember 2012(23)
- November 2012(8)
- Juni 2012(29)
- Mei 2012(17)
- April 2012(248)
- Maret 2012(436)
- Februari 2012(215)
- Januari 2012(486)
- Desember 2011(647)
- November 2011(39)
- Oktober 2011(272)
- September 2011(81)
- Agustus 2011(115)
- Juli 2011(153)
PENULIS
- NUR AZIZAH(430)
- SYAFIRA NUR AMALIA HARYADI(386)
- ISMI SAVIERA ALMIRA(223)
- UMAR FAROOQ ZAFRULLAH(130)
- Naufal Rasyid(107)
- RISA ANJANI(106)
- MOHAMAD ZIDNI RIZKY(63)
- NURUL RIZKY FAKHIRA(60)
- Fauzi Firdaus(47)
- ALI SYAUQI(46)
- ELITA AVIANTI DARMA(43)
- FAUZAN AKMAL HARIZ(41)
- NABILA ISNAENI AMALIA(38)
- RADEN LILOTHA ZATTY AQMAR(29)
- ANDHIKA FIRDAUS(28)
- ADAM RAMADHAN(26)
- HERI SUHARSO(25)
- RINDANG NOOR ALIFA(25)
- RUSMIATI(24)
- ANITA PUJI ASTUTI(18)